Wednesday, December 06, 2006

Agus huleng jentul na kunaon?


Date: Tue, 5 Dec 2006 09:41:56 -0800 (PST)
From: "Fahmi Eman"
Add to Address BookAdd to Address Book Add Mobile Alert
Subject: Aa bet sedep ngawih, "Agus huleng jentul na kunaon?"
To: "Astri>

Wilujeng enjing neng As3. Kumaha kulemna raos? Mugi neng nyarap bari sareng salira anu seger sehat waras kanggo mayunan dinten ieu. Wilujeng pancen damel nya neng. Pamugia sukses henteu aya pamengan nanon malihan mucekil ku harepan. Pasosonten Sukabumi hujan gegebretan, anu kedah ditembus ku 5an dina kijang. Wengi ieu Aa aya tugas ka Jakarta ngawengi di warnet pun paman. Atuh kantenan peryogi munjung ngabageakeun manah neng As3. Enjing siang Aa aya waktos bade ngabuka Yahoo deui. Manawi aya tambihan pics ti neng kanggo dipaskeun kana blog Aa. Hampura Aa nya neng, kuhoyong pisan gaduh pics neng sa album ambeh bagja. Laporan neng, Aa oge tos search astaga.com, nick agie06 yuswa 26 asal Jawa Barat. Namung lebeng teu aya nick agie06. Seratkeun wae nya data CV neng di email. Manawi neng peryogi ka Aa ieu nomer Tel/Fax warnet pun paman salami Aa di Jakarta, (021) 392-0822. Bilih neng meryogikeun Aa naon wae, enggal sanggakeun info nya neng. Tos kenging henteu Aa hoyong patepung lawung ka neng As3ku? Wassalam, Aa.

No comments: